Dengkleung déngdék, anaking, jimat awaking
Geura bobo, panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rijki, buburuh jadi TKI
Dengkleung déngdék, anaking, diayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring samangsa keur sepi jempling
Ngadu'a ema hidep énggal mulang
Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho
Sanajan urang paanggang
Haté mah paanjang-anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti urang sumerah diri
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna
Dengkleung déngdék, anaking, diayun ambing
Ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring samangsa keur sepi jempling
Ngadu'a ema hidep énggal mulang
Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weléh ngadodoho
Sanajan urang paanggang
Haté mah paanjang-anjang
Sanajan urang papisah
Ka Gusti urang sumerah diri
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna
Kieu buktina
Kedah kieu nasibna