Éstu sanés maksad abdi nampik pangersa salira
Duh, henteu aya maksad ngalalangkungan
Mugi ulah lepat sangki, tangtos salira uninga
Boh bilih abdi janten pamengan
Kaasih lilir teu mungkir
Katresna teu wasa nilar
Éstu abdi nyanggakeun sabalakana
Nanging sok sanaos kitu
Mugi ulah janten bendu
Langkung saé mah diémut heula
Émut heula ku salira
Mungguh abdi batan sakieu buktosna
Émut heula ku salira
Abdi rémpan sok inggis janten mamala
Émut heula, mangga geura émut heula
Bilih hanjakal dina ahirna
Tangtos isin mah kantenan
Rumaos diri mihéman
Naha atuh da bongan urang patepang?
Rumaos abdi tibelat
Da pugguh kapiduriat
Nanging teu luput tina salempang
Émut heula ku salira
Mungguh abdi batan sakieu buktosna
Émut heula ku salira
Abdi rémpan sok inggis janten mamala
Émut heula, mangga geura émut heula
Bilih hanjakal dina ahirna
Tangtos isin mah kantenan
Rumaos diri mihéman
Naha atuh da bongan urang patepang?
Rumaos abdi tibelat
Da pugguh kapiduriat
Nanging teu luput tina salempang
Rumaos abdi tibelat
Da pugguh kapiduriat
Nanging teu luput tina salempang